Senin, 13 Juni 2011

Carpon Sunda: Sobat jeung Cinta




“Yo! Tungguan atuh ih!” ceuk Réna anu atos teu kiat lumpat.
“Keyeup da manéh mah!” bales Dio bari ngagancangan léngkahna. “ Enggal, Na! Sapuluh menit deui.” Dio ningal jam tanganna anu tos nunjukkeun tabuh 06. 50.
 “Ah! Naha maké teu aya angkot!” ceuk Réna.
“Salah! Naha anjeun teu mawa sapédah!” ceuk Dio.
“Ih… Embung ah. Kuduna, naha anjeun nu teu mawa motor?”
“Embung ah, keur hémat bénsin. Tah éta sakolana!” Gerbang sakola SMA 123 atos katingal ku aranjeunna. Léngkah Réna sareng Dio beuki digancangan. Pas dugi ka sakola, aranjeunna cilang- cileung henteu ningal hiji jelma maké saragam di payuneun sakola éta. Jol- jolna datang Pak Aman, satpam SMA 123.
“Pak, naha sakola téh sepi?” saur Réna anu masih aya di luar gerbang ka Pak Aman.
“Ih, ari enéng. Gaduh kalénder henteu di bumi? Da dinten ieu mah dinten Minggu.” IH! Kacida tah érana. Dina poé Minggu kieu duaan lulumpatan da sieun telat. Untungna tadi jalanan sepi ku jelma. Ayeunna Dio sareng Réna uih ka kos- kosanana.
“Naha sih kudu kena waé?” keluh Dio bari ngacak- ngacak rambut ikalna anu tos ngaleuwihan kerah bajuna.
“Maksudna?” Réna teu ngarti maksud ti kalimah anu Dio sebatkeun tadi. Tapi jol- jol anjeunna terang.“Oh, maksudna téh naha anjeun milu- milu kabawa éra lantaran sakola di dinten Minggu, kitu? Nya atos wéh atuh ulah kenal deui.”
Réna anu ngarasa kasindir lumpat satarik- tarikna. Anjeunna tos kesel saban poé dijadikeun barang sindiran ku sobatna. Boh tina bentuk fisik Réna anu gendut jeung kulitna henteu bodas boh tina sipat Réna anu semberono, sareng ceroboh. Sedengkeun Dio téh kacida kasép, teras seeur istri anu ngadeketan anjeunna. Sipatna ogé wanian, getol diajar deui.
BRUG! Sora Réna labuh. Rokna anu panjang katijek sorangan ku Réna anu nuju lumpat. Ningal Réna labuh, Dio anu tadina leumpang kawa keyeup teh ujug- ujug lumpat ka arh Réna.
“Réna?” saur Dio di pengker Réna anu jatuhna tengkurep. ”Réna! Anjeun teu nanaon?” taros Dio sakali deui kumargi teu aya balesan ti Réna.
“Dio! Naha anjeun henteu ngabantuan abdo?” gorowok Réna. Untungna jalanan di ditu tah sepi. Akhirna Réna dibantuan gugah ku Dio. Sampaan Réna getihan, teras kapalitek deui. Kusabab éta, Dio jeung Réna henteu langsung uih tapi istirahat heula di hiji toko anu gaduh tempat jiga café deui. Réna jeung Dio duduk dina korsi
“Heheheu… Anjeun mah salah. Ulah lumpat bari maké sarung.” Sindir Dio deui. Nanging Réna henteu paduli deui. Anjeunna kesel keneh ka Dio. Padahal waktos labuh tadi, anjeunna ditulungan ku Dio. Dio anu milarian ubar sareng tempat kanggo Réna.
“Na”, saur Dio. “Naha nya tiasa kitu barengan waé. Inget teu mimiti patepang?” Réna ngarasa sumanget upami ngobrolkeun hal sapertos ieu.
“Inget,lah. Anjeun ngagetok sirah abdi maké mobil- mobilan waktos di TK. Teras dugi ka ayeunna Dio sareng abdi téh barengan waé. Boh kos- kosan boh sakola.”
“Boh kasialanana.” tambih Dio. Réna ningal Dio kesel.  “Anjeun henteu ngarasa aya naon kitu di manah anjeun?” taros Dio jol- jol serius. Réna anu ngadéngé kawas jelma anu kacekék. Teu nyangka sobat hiji- hijina tiasa naros kitu. “Na, sabenerna abdi téh henteu hoyong janten sobat Réna waé. Hoyong leuwih ti sobat.” Beuki wéh Réna téh kawas sato anu tos maot.
Dina hirupna anu tos 16 taon, Réna teu acan pernah ngarasaan nu namina gaduh kabogoh. Eh, ayeunna sobatna sorangan anu nyatakeun bogoh ka Réna. Nanging Réna bingung. Upami sobat mah suka duka téh nyantai waé. Anjeunna tos ngabayangkeun. Ari anjeunna bobogohan sareng Dio teras pegat, asana mah bakal béda deui carita kahirupanana.
“Yo, lainna ku nanaon. Abdi gé resep ka Dio. Nanging abdi teu wani leuwih ti ieu. Abdi mah leuwih gumbira upami Dio téh tetep janten sobat abdi.”
“Euh… Awas Na, bisi janten istri anu sorangan waé saumur hirupna.” Sindir Dio deui mecah kaayaan anu henteu genah. Anjeunna ngomong kawas henteu aya nanaon.
“Ih, da anjeun sobat téh sobat anu teu bener!” ceuk Réna bari neunggeulan Dio nganggo tasna.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar